Headlines News :
Home » , » Partitur dan Lirik Lagu Sunda "Tipu Rayu"

Partitur dan Lirik Lagu Sunda "Tipu Rayu"

Diposting Oleh aosin suwadi pada Selasa, 04 April 2023 | 07.51

 


Tipu Rayu

 

Lalaki tukang ngarayu neangan mangsa nu lugu

Loba wanoja ngagugu padahal saukur nipu

Majar eneng tong cangcaya akang satia sauhu

Buktina ukur ngarayu loba wanoja katipu

 

Abong letah teu tulangan memang biwir teu diwengku

Tapi sok sanajan kitu kudu bisa nahan nafsu

Entong daek ka manehna tukang ngumbar hawa nafsu

Tong babarian dirayu sangkan teu gampang katipu

 

Ibarat nenjo dahareun bonteng nu masih cucukan

Tengah poe keur hanaang pasti moal bisa nahan

Teu kaop nempo nu herang komo wanoja nu lenjang

Matana molotot herang mencrong bari nepak tarang


Anda bisa juga buka partitur lagu "Asa jeung Jiga"

Serang, Mei 2022

Share this article :

0 komentar:

Speak up your mind

Tell us what you're thinking... !

Popular Posts

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Proudly powered by Blogger
Copyright © 2011. Bahasa dan Sastra - All Rights Reserved
Template Design by Creating Website Published by Aosin Suwadi