Selasa, 04 April 2023

Partitur dan Lirik Lagu "Milih nu Mana"

 
Milih nu Mana

 

Kuring bingung taya papadana

Ku dua mojang nu saratia

Duanana teu aya cawadna

Alus rupa jeung deui hade pakena

 

Ucap lampah tekad paripolah

Luyu jeung agama darigama

Sopan santun ka ibu ka rama

Amis budi tur someah ka sasama

 

Kuring bingung rek nangtukeun pilihan

Itu ieu geus karasa nyaahna

Milih ieu anu itu kumaha

Henteu tega sok sieun raheut hatena

 

Duh kumaha kuring milih nu mana

Duanana akur teu parasea

Kuring oge nyaah ka maranehna

Mun bisa mah kuring milih duanana

 

Kuring bingung taya papadana

Ku dua mojang nu saratia

Duanana teu aya cawadna

Alus rupa jeung deui hade pakena

Serang, Juni 2022

Lagu lainnya klik di sini

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Content yang Anda baca semoga bermanfaat. Terima kasih atas kunjungannya, silahkan tinggalkan komentar.