Minggu, 02 April 2023

Lirik Lagu "Nyambat Nyi Jebah"

 


Nyambat Nyi Jebah

Ciptaan Aosin Suwadi

Yu hayu batur urang ka lapangan

Rea barudak nungguan angin datang

Yu hayu batur urang tarungguan

Sakeudeung deui nyi Jebah bakal datang

 

Kukiuk... kukiuk... urang sambat nyi Jebah

Dianti ti tatadi naha teu datang-datang

Kukiuk kukiuk Nyi Jebah geura datang

Dianti ti tatadi rek mentang langlayangan

 

Yu hayu batur mentang langlayangan

Angin geus datang niupna tarik pisan

Langlayangan ngapung ka awang-awang

Barudak senang surak eak-eakan

Januri 2022



Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Content yang Anda baca semoga bermanfaat. Terima kasih atas kunjungannya, silahkan tinggalkan komentar.