Minggu, 02 April 2023

Lirik Lagu "Naratas Kabudayan" Ciptaan Aosin Suwadi

Naratas Kabudayan

Ciptaan Aosin Suwadi


Kabudayan urang Banten nu baheula

Beda pisan dibandingkeun jeung ayeuna

Sandang pangan cukup ti sawah jeung huma

Ayeuna mah sagala di toko Cina

 

Imah panggung bahanna kayu jeung awi

Baralak jeung daun kiray pangiuhna

Ayeuna mah ngumpul di toko bangunan

Eta oge lolobna boga Cina

 

Yu... dulur-dulur

Urang diajar sing suhud

Sangkan jadi jalma pinter

Teu kaelehkeun ku batur

 

Yu... dulur-dulur

Mumule seni budaya

Hayu urang pikacinta

Yu urang jaga jeung riksa


Mojang jung nonoman luhung ku elmuna

Handap asor ka luhur jeung ka sasama

Bale rombeng nu ngatikk jeung nu ngapingna

Taya carit barudak nu tawuran


Ayeuna mah elmu nu diutamakeun

Tata krama sok rajeun disapirakeun

Sakolana pinter teu jadi ukuran

Lob budak ngalunjak ka indun bapa

Mare 2023


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Content yang Anda baca semoga bermanfaat. Terima kasih atas kunjungannya, silahkan tinggalkan komentar.